MANDU ACARA. Yayang Ridwan, S .Pd ..
TUJUAN PANGAJARAN. Paham kana tugas-tugas girang acara (MC). Bisa ngararancang hiji acara nu rék dipandu . Bisa nyusun omongan girang acara kalawan merenah dina hiji acara . Bisa mandu acara maké intonasi , wirahma ( lentong ), jeung volume sora anu merenah ti mimiti muka nepi ka nutup acara ..
MANDU ACARA ( Jadi MC) Aya sawatara istilah patali jeung kagiatan mandu acara . Di antarana :.
TUGAS NU MANDU ACARA SAMEMEH ACARA DIMIMITIAN. Mikapaham topik jeung jenis acara nu rék dijejeran ku dirina . Ngalibetkeun diri dina nyusun hiji acara nepi ka paham unak-anik éta acara . Muguhkeun ( konfirmasi ) saha baé anu rék ngeusi acara jeung ngayakeun koordinasi jeunng pihak-pihak nu pakait . Milu nyiapkeun acara sangkan acara lumangsung kalawan lancar ..
JENIS ACARA. FORMAL: Upacara bandéra Pelantikan Seserahan / Walimahan Jsb.
Seremonial / Kaku Ngalibetkeun protokolér . Kudu tumut kana naon-naon nu geus jadi katangtuan . Singget / teges / efisien . Nu mandu acara museur kana inti acara ..
TUGAS GIRANG ACARA SALILA ACARA LUMANGSUNG:. Muka acara ku nepikeun mukadimah Ngahaturkeun nuhun jeung ngahaturkeun pangwilujeng ka hadirin anu ngahadiran acara . Nepikeun jeung ngadadarkeun inti / topik acara . Macakeun runtuyan acara nu bakal lumangsung . Ngahaturanan nu ngeusi acara pikeun ngalaksanakeun tugasna jeung ngahataurkeun nuhun sabadana . Bisa ngahirupkeun suasana salila acara lumangsung Ngajaga katartiban acara . Nutup acara ..
CONTO OMONGAN GIRANG ACARA:. MUKADIMAH/MUKA ACARA.
CONTO OMONGAN GIRANG ACARA:. NGAHATUR-ANAN NU NGEUSI ACARA.
CONTO OMONGAN GIRANG ACARA:. NUTUP ACARA. Acara ti awal dugi ka ahir parantos lekasan . Sim kuring salaku panata acara nyuhunkeun dihapunten boh bilih salami ngatur acara aya anu pondok nyogok panjang nyugak , langkung saur bahé carék , bobo sapanon carang sapakan , mugi agung cukup lumur jembar pangampura anu diteda . Mangga urang tutup baé ieu acara ku ngucapkeun hamdallah sasarengan ..
TUGAS URANG. Jieun kelompok anu anggotana hétérogén . Kelompok badami pikeun nangtukeun acara anu rék dilumangsungkeun . Unggal kelompok acarana kudu béda-béda . Sanggeus acarana ditangtukeun , pilih dua anggota kelompok pikeun jadi girang acara ( bisa duanana istri , duanana pameget , atawa istri-pameget ). Anggota séjénna ditugaskeun pikeun jadi pangeusi acara . Kelompok nyusun skénario acara sakaligus nyusun pok-pokan omongan girang acara . Unggal kelompok mintonkeun hiji acara kalawan dipingpin ku dua girang acara nu geus ditangtukeun ..